Beberapa jam saacan kick off aya informasi resmi ti klub bahwa 9 pemaen teu bisa maen karena kudu karantina covid. Pertanyaan badagna adalah saha wae eta? Karena teu diumumkeun saha waena, kami jadi penasaran melihat DSP model kumaha nu dikotret sama Bah Rudet Albert.
Pas kaluar DSP, jeng jeng jeng. Walaupun masih eweuh ngaran resmi, tapi jadina mulai kaciri pemaen nu positif berkisaran di nama-nama pemaen asing; Kuipers, Papa Victor, Klok, DDS, Bruno, Ezra. Plus Supardi, Dado, Bow? Walau ada kabar Bow absen karena cedera rorombeheun pedah sok moro langlayangan teu make senal.
Hanya satu pemain asing yang tidak terpapar, nyaeta Mohammed Rashid. Manehna teu kabawa sakaba-kaba jiga bule nu lain, manehna leuwih milih di kamar ngadu bako jeung Lord Henhen.
Adul : “Aeh pak ustadz, siang-siang kieu bade teras kamana?”
Ustadz David: “ah… biasa we jang adul, namina ge ustadz… Bade Itikap !”
Adul: “naon pak Ustadz?”
Ustadz: “Itik Kap jang!!! Rek ngiluan? Hayu atuh!!!”
Adul : “Ah.. Moal pak ustadz ah, engke we abi mah bulan Agustus!!! Bade ngiringan Domba Kap!”
“Cangehgar!!” ceuk si Henhen teh
“Hahahahahhaha, ini sangat funny Hen!” Rashid cekak seuri ngadenge bodor cangehgar disetel dina yutub hape si Henhen.
“Emang kamu ngarti Habibi?” Ujar Henhen heran.
“Henteu sih, tapi jigana bodor because ada sora people ketawa-ketiwi setelah talking-talking.” Rashid ngomong capur Inggris, Indo dan Sunda yang sudah pasti buat Henhen bingung tapi aku suka.
Vzcrdt oge salamet teu katepaan omikron, kusabab manehna teu diajakan walau kekeuh hayang milu, akhirna diprank titah janjian di lobi hotel beres makan dinner, padahal 9 orang ieu geus indit ti bada solat ashar. Vzcrdt bete, balik kamar langsung namatkeun layangan putus sebagai manehna #TimLidya.
Formasi Saka
Tanpa rengrengan bule, para pemain lokal mampu unjuk gigi. Dalam kebingungan Kuch Rudet menggeber formasi Saka alias sakainget. Di sektor pertahanan, bek muda Kakang Rusdianto yang kalau dibalik jadi Ngakak akhirnya menjalani laga debut bersama Maung Bandung. Di lini serang, Persib eweuh stok striker deui, kusabab bule kabeh. Akhirna Pak Robert mempercayakan Erwing Gerung, Vzcrdt Vzkntl, Frats Frets Frots untuk bergantian mengisi posisi nomer 9.
Dengan skuad saaya-aya kami tidak berekspektasi tinggi. Draw ge sukur ai nu maen saaya-aya kieu. Tapi ternyata kami dibuat ngorejat oleh rengrengan pemaen lokal ini. Mereka mampu membawa Persib maen gancang jeung saradak suruduk kaditu kadieu. Sebuah taktik jenius dari Pak Robert yang menerapkan taktik Bring-Pat, bringka & lumpat, yang tak dinyana ternyata cocok dengan formasi saka tersebut. Para pemain Persib hampir semua tampil penuh motivasi dengan terus berlari dan berlari.
“I lagi bingung, rengrengan bule garoblog saya bilang. Sekarang saatnya kalian unjuk gigi. Jalankan taktik BRINGPAT sekarang juga!” Ucap Pak Robert tegas.
“Erwin, kamu pimpin strategi BRINGPAT ini! Lakukan sebaik mungkin!” Lanjut Pak Robert.
“SIAP MENEER!” Erwin ngajoak.
Maen meneer-meneer wae ieu Cees Win, jiga di pilem si pitung.
Nyatanya taktik bringpat saka ini bikin aliran bola di lini tengah bisa lebih cair dan cepat. Walau rarusuh teu paruguh, tapi asa resep ningali maen penuh gairah. Anehnya, lamun rengrengan bule maen asa marales. Loba ngatur tempo anu berujung kesempatan tertutup berakhir buntu maen bungbeng tanpa arah.
Kamari mah Frets bisa enjoy beberapa kali narima bola daerah, bisa eksploitasi sisi Gilang Ginarsa. Aziz bisa nusuk di kotak penalti ugal igel jiga keur joged di panggung. Naha lamun rengrengan bule maen eweuh momen kieu patut?
Selain penampilan Henhen dan Teja yang apik, yang patut diapresiasi adalah penampilan Rashid. Sebagai satu-satunya pemain asing yang fit, Rashid tidak canggung maen gancang dengan para barudak lokal. Walau manehna katingali hah heh hoh ngudag tempo gancang, tapi penampilan Rashid leuwih cair di lini tengah. Rarasaan kami, lamun duet jeung klok asa paamprok teu puguh. Bener teu sih?
Teja, Me, vs Everybody
Absennya 9 pemaen nu termasuk pemaen inti sempet bikin bobotoh pesimis. Tapi di sisi lain, hamdalah jadina bisa ningali pemaen-pemaen pituin hungkul di lapang. Ada kesempatan juga buat Kakang debut featuring Bang Jupe di bek tengah. Lampu sorot langsung menyinari penampilan Kakang tadi malem, teu kagok atuh manehna bakalan ketemu salah satu topskor di liga Indonesia, Ciro Immobile Alves. Beruntung bagi Kakang tugasna di lapang jadi teu pati repot karena Ciro gerakna loba ti sisi kiri bisa disakuan ku Henhen.
Di hadapan Henhen, Ciro mewek tapi teu bisa nanaon. Terlihat raut frustrasi dari wajah Ciro selama 90 menit, nya teu bisa ngaliwatan Henhen juga beberapa kali tajonganna bisa dipatahkan Teja.
Walaupun kupakai payung
Pipiku pun tetap basah
Diri ini tak berdaya
Kredit lpm kali ini buat Teja, yang lagi-lagi jadi juru selamat Persib. Eta teuing mun lain Teja kumaha kaayaan gawang Persib. 6 kali cenah ceuk komentator mah Teja bikin penyelamatan dari peluang Ciro hungkul. Salah satu alasan Persib menang, nya karena Teja on fire pisan, aya bonus dari Passos buat Teja engke pas latihan rek dialung make baso goyang lidah cicaheum, moal heula ku bola tenis. Meh tinggal leups begitu ngagabrug teh.
Well, penampilan Kakang tapi keren sih. Bisa klinsyit dan tentu saja cetak satu-satunya gul kemenangan Persib. Jumlah gul Kakang bahkan lewih loba ti penyerang asing Persib, David Da Silva. Jadi keur Robert, mun sakirana engke bek tengah Kuipers, Victor atau Bang Jup teu bisa maen, ulah sok aya ide ngageser Supardi ka tengah, geus we pake Kakang.
Teu Kakang hungkul, kabeh pemaen (kecuali Vzcrdt) tadi peuting maen emang spartan pisan, jeung getihna, hayang ngabuktikeun bisa jadi pilihan. Geus lila teu ningali Bang Jup mimpin barudak-barudak ngora jiga kamari, protes ka wasit pas Erwin dikeplak Manahati. Bang Jup di beberapa momen gorowok ka Kakang, ningali Etam mere semangat ka Ferdiansyah pas kakara asup, Etam sadar manehna lewih senior jadi kudu mompa adrenalin pemaen nu lewih ngora.
Aziz nu geus lila dipeyeum di bench mulai nyaman deui dribel-dribel ngalewatan pemaen Tira Kabo. Rashid Habibi sebagai komando perang di lini tengah jadi bebas kitu maenna, teu ngarasa aya kewajiban ngoperan ka penyerang jadi sakalina boga peluang langsung hajar ka gawang Tira Kabo.
Mun man of the match bisa dua pemaen mah mereun Frets kuduna bisa. Akselerasina ti gawir, sungguh ngararepot bek Tira Kabo teuing saha ngaranna, da ku Frets geus diajak kenalan tapi ngaleos bebeja geus boga kabogoh. Frets maen jiga eweuh kacape, hayoh we ngajak lumpat ka manglayang ti supratman, hoream nanjak kitu.
Pertandingan sapeuting mah lain adu taktik-adu taktik teuing, da taktik duanana sarua butut teu puguh. Khususon Persib, kumaha carana dengan pemen saayana bisa menang terus geus ngagulkeun teu kaasupan ku Ciro FC. Pokona mah ngumpul we di sekiraran kotak penalti urang ngariung rek sunmori ka Lembang, tapi Vzcrdt izin hayang nitip we bolu susu lembang jeung susu murni kpbs talangan heula engke diganti pas di Bandung. Dan Robert kembali nunjukkeun bahwa teu paduli maen sabutut kumaha, salila lawan maen sarua butut teu bisa ngasupkeun ka gawang Persib, Persib bisa menang meski tipis-tipis we jiga kumis barudak kakara beger.
***
Syukur Alhamdulillah PERSIB bisa meraih kemenangan di situasi genting. Tapi goblog untuk manajemen anu ngantep pemaen bisa hura-hura di pulau dewata. Rek diantep wae arulin? Rek diantep wae udar ider geje pemaen profesional kesayangan masa kini yang paling paham marketing?
Geus kieu mah, Henhen jeung Teja deui weh nu puntang-panting!
Salam, [Ajay, Fahri / Buschen]